Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
No.703/FPBS/0251/2014
MODÉL CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING (CORE) DINA PANGAJARAN MACA CARITA BABAD SUMEDANG
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)
SKRIPSI
diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan
Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah
ku Tati Patonah NIM 1000970
JURUSAN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SENI
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu Contoh Halaman Hak Cipta untuk Mahasiswa S1
MODÉL CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING (CORE)
Dina Pangajaran Maca Carita Babad Sumedang
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung
Taun Ajaran 2013/2014)
Oleh Tati Patonah
Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar Sarjana pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
© Tati Patonah 2014 Universitas Pendidikan Indonesia
Februari 2014
Hak Cipta dilindungi undang-undang.
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu LEMBAR PERNYATAAN
Dengan ini saya menyatakan bahwa skripsi dengan judul “Modél
Connecting, Organizing, Reflecting, Extending (CORE) dina Pangajaran Maca
Carita Babad Sumedang (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII 02 SMP
Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)” ini beserta seluruh isinya adalah
benar-benar karya saya sendiri. Saya tidak melakukan penjiplakan atau pengutipan dengan cara-cara yang tidak sesuai dengan etika ilmu yang berlaku dalam masyarakat keilmuan. Atas pernyataan tersebut, saya siap menanggung resiko/sanksi apabila di kemudian hari ditemukan adanya pelanggaran etika keilmuan dan klaim dari pihak lain terhadap keaslian karya saya ini.
Bandung, Februari 2014 Yang membuat pernyataan,
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu LEMBAR PENGESAHAN
Tati Patonah
NIM 1000970
MODÉL CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING (CORE) DINA PANGAJARAN MACA CARITA BABAD SUMEDANG
(Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)
disaluyuan jeung disahkeun ku:
Pangaping I,
Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd.
NIP 1959011986011001
Pangaping II,
Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd.
NIP 196707101991022001
kauninga ku
Pupuhu Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah
Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni
Universitas Pendidikan Indonesia
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
MODÉL CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING (CORE)
DALAM PEMBELAJARAN MEMBACA CERITA BABAD SUMEDANG
(Studi Kuasi Eksperimen kepada Siswa Kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung
Tahun Pelajaran 2013/2014) 1
TATI PATONAH 2
ABSTRAK
Penelitian ini berjudul “Modél Connecting, Organizing, Reflecting,
Extending (CORE) dina Pangajaran Maca Carita Babad Sumedang (Studi Kuasi
Ékspérimén ka Siswa Kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)”. Tujuan penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan kemampuan siswa dalam membaca nyaring cerita babad Sumedang dengan menggunakan model CORE. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode kuasi eksperimen dengan menggunakan one group prettes-posttes design. Teknik yang digunakan dalam penelitian ini adalah teknik tes. Dalam penelitian ini data dianalisis menggunakan analisis statistik, yaitu berupa uji normalitas data, uji homogenitas, uji gain, serta uji hipotesis. Hasil dari penelitian ini adalah (1) kemampuan membaca nyaring cerita babad Sumedang siswa kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung sebelum menggunakan modél pembelajaran CORE menghasilkan rata-rata 66,21, sehingga masuk dalam kategori belum mampu. Sedangkan setelah diberikan treatment menghasilkan rata-rata 83,51 dan dianggap sudah mampu membaca nyaring cerita babad Sumedang; (2) peningkatan hasil uji gain menunjukkan bahwa terdapat perbedaan yang signifikan antara kemampuan sebelum dengan kemampuan sesudah menggunakan modél CORE, yaitu 66,21 menjadi 83,51 dengan beda 17,3; dan (3) dalam uji hipotesis menggunakan taraf kepercayaan 99% dengan db = 2,46 ada beda yang signifikan antara hasil pretes dan postes siswa titung (5,54) > ttabel (2,46). Hasil uji hipotesis menunjukkan bahwa
titung > ttabel artinya hipotesis (Ha) diterima dan hipotesis (Ho) ditolak. Berdasarkan
hasil di atas, dapat disimpulkan bahwa model pembelajaran CORE bisa meningkatkan kemampuan membaca nyaring cerita babad Sumedang siswa kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung tahun ajaran 2013/2014.
Kata kunci: Model CORE, membaca, cerita babad.
1
Skripsi ini di bawah bimbingan Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd., dan Ibu Dr. Hj. Nunuy Nurjanah, M.Pd.
2
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
CONNECTING, ORGANIZING, REFLECTING, EXTENDING MODELS (CORE) IN LEARNING TO READ SUMEDANG’S BABAD STORY
(A Quasi Experimental Study To The Students of Seventh Grade 02 SMP Negeri 1 Bandung Academic Years 2013/2014)1
TATI PATONAH 2
ABSTRACT
The purpose of this study was to describe the student’s skills in reading aloud Sumedang’s Babad story by using the model of CORE. The method used in this research was A Quasi Experimental Study with design one group
pretest-posttes design. The Techniques used in this research was test techniques. In this
research, the data were analyzed using statistical analysis, that was normality test, homogeneity test, gains test, and hypothesis test. The result from this research was
(1) the ability to read Sumedang’s Babad story to the students of seventh grade 02
SMP Negeri 1 Bandung before used the CORE learning model generates an average 66,21, so that was enter in the category has not been able. Meanwhile, after being given treatment generates an average 83,51 and considered to be able
to read Sumedang’s Babad story ; (2) the increase in the gain test results showed
that there is a significant difference in the ability of reading Sumedang’s Babad story between before and after taught by using CORE model, it was 66,21 to 83,51, with difference 17,3; and (3) in hypothesis testing using a confidence level 99 % with db = 2,46 It means that there is a significant difference between pretest and posttest results of students, tobserved (5,54) > ttabel (2,46). Hypothesis test results
indicate that tobserved > ttabel so that the hypotheses (Ha) is accepted and the
hypotheses (Ho) is rejected. Based on the above results, it can be concluded that
the CORE learning model can improve reading aloud skills Sumedang’s Babad
story to the students of seventh grade 02 SMP Negeri 1 Bandung in academic year 2013/2014.
Keywords: CORE Model, Reading, Babad Story.
_________________________
1
This paper is guided by Dr. H. Usep Kuswari, M.Pd., and Ibu Dr. Hj. Nunuy
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 2
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI
1.1 Kasang Tukang Masalah ……….
1.2 Watesan jeung Rumusan Masalah ………...
1.2.1 Watesan Masalah ……….
1.4.2 Mangpaat Praktis ……….
vi
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2.1.1.1Wangenan Modél Pangajaran ………..
2.1.2 Modél Pangajaran CORE ………....
2.1.2.1 Oriéntasi Modél ………..
2.1.2.2 Opat Prosés Modél Pangajaran CORE ………..
2.1.2.3 Léngkah-Léngkah Modél Pangajaran CORE………..
2.1.2.4 Dampak Modél Pangajaran CORE ……….
2.1.2.5 Kaonjoyan jeung Kahéngkéran Modél CORE ………
2.1.3 Konsép Dasar Maca ……… 2.1.3.6 Faktor anu Mangaruhan Kamampuh Maca ………. 2.1.3.7 Kamampuh Maca Bedas Carita Babad ……… 2.1.4 Carita Babad ……… 2.1.4.1 Wangenan Carita Babad ………. 2.1.4.2 Kamekaran Carita Babad ……….... 2.1.4.3 Papasingan Babad ………..
2.1.4.4 Struktur Carita Babad ……….
2.1.5 Modél CORE dina Maca Carita Babad Sumedang ………….
2.2 Raraga Mikir ………... 2.3 Hipotésis ………..
BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN
vii
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 3.4 Variabel jeung Wangenan Operasional ……… 3.4.1 Variabel ……… 3.4.2 Wangenan Operasional ………
3.5 Instrumén Panalungtikan ……….
4.1 Kamampuh Maca Carita Babad Sumedang Ngagunakeun
Modél Pangajaran CORE Siswa Kelas 02 SMP Negeri 1
Bandung Taun Ajaran 2013/2014 ………
4.1.1 Kamampuh Pratés Maca Carita Babad Sumedang Siswa
Kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung Saméméh
Ngagunakeun Modél CORE ………
4.1.2 Kamampuh Pasca Tés Maca Carita Babad Sumedang Siswa
Kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung Sanggeus
Ngagunakeun Modél CORE ………..
4.1.3 Analisis Kamampuh Maca Bedas Carita Babad Sumedang
Saméméh jeung Sanggeus Ngagunakeun Modél CORE……..
4.2 Uji Sipat Data ………..
4.2.1 Uji Normalitas Data ……….
4.2.1.1Uji Normalitas Data Pratés ………..
viii
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4.2.1.2Uji Normalitas Data Pasca Tés ………
4.2.2 Uji Homogénitas ………..
4.2.3 Uji Gain ………
4.2.4 Uji Hipotésis ………
4.3 Pedaran Hasil Kamampuh Modél CORE dina Maca Carita
Babad Sumedang Siswa Kelas VII 02 SMP Negeri 1
Bandung Taun Ajaran 2013/2014 ………
BAB V KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI
5.1 Kacindekan ………... 5.2 Rékoméndasi ………
DAPTAR PUSTAKA ………
LAMPIRAN-LAMPIRAN ………
RIWAYAT HIRUP ………...
74
78
80
82
84
85
86
87
89
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB I
BUBUKA
1.1 Kasang Tukang Masalah
Kaparigelan maca téh salah sahiji kaparigelan basa salian ti kaparigelan
ngaregepkeun, kaparigelan nyarita, jeung kaparigelan nulis. Maca kagolong kana
média tinulis, ku kituna cara makéna basa bisa ngaliwatan dua média nyaéta lisan
jeung tinulis. Ngaliwatan média lisan ngawengku kaparigelan ngaregepkeun jeung
kaparigelan nyarita, sedengkeun ngaliwatan média tinulis ngawengku kaparigelan
maca jeung kaparigelan nulis. Éta sakabéh kaparigelan basa téh salawasna silih
pangaruhan sarta raket patalina jeung proses-prosés nu jadi dadasar makéna basa.
Dina dunya atikan maca téh kawilang penting. Sabab ngaliwatan maca,
siswa bisa nyangking rupa-rupa informasi anu diperlukeun dina waktu proses
diajar. Loba ahli basa anu miboga pamadegan ngeunaan wangenan maca, di
antarana Anderson (dina Tarigan, 2008, kc.7) nétélakeun yén maca nyaéta
nyambungkeun kekecapan tinulis (written word) ku makna basa lisan (oral
language meaning) anu ngarobah tulisan/cetakan jadi sora anu miboga harti.
Saupama dibandingkeun jeung karya sastra séjénna, maca carita babad lain
perkara anu gampang. Éta hal dibalukarkeun ku kaayaan jaman anu béda. Ku
kituna, geus loba dina sawatara buku téks kapanggih pangajaran babad anu
diropéa wangunna, anu tadina wangun wawacan/pupuh dirobah jadi wangun
prosa.
Tina hasil panalungtikan, ébréh yén kaayaan pangajaran maca carita babad
di kelas VII SMP Negeri 1 Bandung can optimal. Éta hal dibalukarkeun ku
kurangna minat maca siswa. Dina kanyataanana masih loba siswa anu can bisa
maca bedas, hususna dina wangun carita basa Sunda, boh dina cara macana (basa,
kekecapan) boh dina nyangkem eusi bacaanana, sarta guru salaku pangatik kurang
2
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Salian ti éta, prosés diajar ngajar masih lumangsung sacara tradisional.
Kaayaan saperti kitu kurang kondusif dina ngarojong kamekaran kamampuh maca
siswa anu antukna prosés diajar-ngajar dianggap monoton sarta ngajadikeun
siswa kurang kritis, kurang aktif jeung teu kréatif.
Tujuan utama pangajaran maca carita babad ieu nyaéta pikeun méré
kasempetan ka siswa pikeun bisa maca sacara aktif, sarta meredih siswa sangkan
bisa maca bedas carita babad dina wangun pupuh.
Nilik kana pedaran di luhur, hal éta patali jeung matéri anu aya dina
standar kompetensi jeung kompetensi dasar mata pelajaran basa jeung sastra
Sunda. Patalina jeung panlungtikan ieu nyaéta matéri aspék maca anu standar
kompeténsina “mampu membaca untuk memahami dan menanggapi bacaan yang
berupa sejarah lokal/cerita babad, teks percakapan, dongeng, dan carita
pondok”.
Saluyu jeung standar kompeténsi di luhur, salah sahiji matéri anu kudu
diajarkeun di SMP kelas VII patali jeung maca carita babad, Dina LBSS (2007,
kc.39) dijéntrékeun yén babad téh mangrupa dongéng anu ngandung unsur
sajarah. Tujuan utama pangajaran maca carita babad ieu nyaéta pikeun méré
kasempetan ka siswa sangkan bisa maca bedas sacara aktif, nyaéta meredih siswa
sangkan bisa maca bedas carita babad dina wangun pupuh.
Kompeténsi ieu dipiharep bisa ngaronjatkeun pangaweruh jeung
kamampuh siswa dina maca. Lain ngan saukur siswa ngalaksanakeun kagiatan
maca lantaran kapaksa pikeun ngaréngsékeun pancén-pancén ti guruna wungkul,
tapi bisa dijadikeun hiji kagiatan anu dipikaresep jeung dijadikeun kabutuhan anu
mangaruhan kana préstasi diajar siswa. ku kituna, sangkan siswa teu ngarasa
bosen perlu ngagunakeun modél pangajaran nu ngajadikeun prosés pangajaran
bisa lumangsung kalayan henteu monoton tur bisa dipikaresep ku siswa.
Modél pangajaran nyaéta hiji rarancang anu digunakeun pikeun prosés
pangajaran sangkan tujuan prosés pangajaran bisa kahontal, nu ngawengku materi
3
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
prosés diajar-ngajar henteu bisa dileupaskeun tina kagiatan atikan jeung
pangajaran. Ku ayana modél pangajaran bisa mantuan siswa dina nyangkem
matéri pangajaran, hususna dina pangajaran maca bedas carita babad Sumedang.
Modél pangajaran CORE nyaéta salah sahiji modél pangajaran maké
métode diskusi. modél CORE ngawengku opat prosés, nyaéta connecting,
organizing, reflecting, jeung extending Calfee spk. (dina Jacob, 2005, kc.13).
Ku ayana connecting, siswa diajak pikeun bisa matalikeun pangaweruh
anu anyar dipelajari jeung pangaweruh nu geus nyampak saacanna. Organizing
mawa siswa pikeun bisa ngaorganisasikeun pangaweruhna. Tuluy ku ayana
reflecting, siswa dilatih pikeun bisa ngajelaskeun deui informasi anu geus
ditarima. Pamungkas, extending, ku ayana kagiatan diskusi pangaweruh siswa
bisa dijembaran.
Dina ulikan diajar-ngajar, ngeunaan penerapan modél CORE dina
kaparigelan maca, di jurusan Pendidikan Bahasa Daérah FPBS UPI mah nepi ka
kiwari can aya nu kungsi nalungtik, tapi di Jurusan Matématika FPMIPA UPI
geus aya nu nalungtik, saperti halna panalungtikan anu dijudulan “Penerapan
Model CORE dalam Pembelajaran Matematik untuk Meningkatkan Kemampuan
Koneksi Matematik Siswa SMA” (skripsi Rokhaeni A, 2002). Jacob, C. (2005).
“Pengembangan Model CORE dalam Pembelajaran Logika dengan Pendekatan
Reciprocal Teaching bagi Siswa SMA Negeri 9 Bandung dan SMA Negeri 1
Lembang”. Bandung: Laporan Piloting. FPMIPA UPI.
Dumasar kana masalah di luhur, nimukeun pamanggih yén modél CORE
bisa digunakeun pikeun ngarojong pangajaran maca carita babad di SMP kelas
VII. Ku kituna panulis hayang ngayakeun panalungtikan, anu dirumuskeun dina
judul “Modél Connecting, Organizing, Reflecting, Extending (CORE) dina
Pangajaran Maca Carita Babad Sumedang (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa
Kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)”.
4
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1.2.1 Watesan Masalah
Saluyu jeung kasang tukang masalah, ieu panalungtikan baris medar
ngeunaan ”Modél Connecting, Organizing, Reflecting, Extending (CORE) dina
Pangajaran Maca Carita Babad Sumedang (Studi Kuasi Ékspérimén ka Siswa
Kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung Taun Ajaran 2013/2014)”. Ieu modél dipaké
pikeun ngaronjatkeun kamampuh siswa dina maca carita babad Sumedang.
Ku lantaran pangajaran maca loba rupana, ku kituna ieu panalungtikan
perlu diwatesanan sangkan jéntré sarta henteu méngpar ti nu geus ditangtukeun.
Watesan masalah dina ieu panalungtikan nyaéta nalungtik aya béda atawa
henteuna hasil siswa sanggeus ngagunakeun modél pangajaran CORE
(connecting, organizing, reflecting, jeung extending) dina pangajaran maca bedas
carita babad Sumedang ka siswakelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung taun ajaran
2013/2014 kalayan kritéria nu diajén, nyaéta ngawengku: 1) volume sora, 2)
ucapan (artikulasi), 3) lentong, jeung 4) réngkak paripolah (gesture).
1.2.2 Rumusan Masalah
Dumasar kana watesan masalah di luhur, anu jadi masalah dina ieu
panalungtikan dirumuskeun dina kalimah pananya ieu di handap:
1) Kumaha kamampuh maca carita babad Sumedang siswa kelas VII 02 SMPN
1 Bandung saméméh ngagunakeun modél pangajaran CORE?
2) Kumaha kamampuh maca carita babad Sumedang siswa kelas VII 02 SMPN
1 Bandungsabada ngagunakeun modél pangajaranCORE?
3) Naha aya bédana kamampuh maca carita babad Sumedang siswa kelas VII 02
SMP Negeri 1 Bandung saméméh jeung sabada ngagunakeun modél
pangajaran CORE?
1.3 Tujuan Panalungtikan
5
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sacara umum tujuan dina ieu panalungtikan nyaéta nguji modél pangajaran
CORE pikeun ningkatkeun pangajaran maca carita babad Sumedang di SMP
Negeri 1 Bandung.
1.3.2 Tujuan Husus
Dumasar kana masalah anu geus dirumuskeun di luhur, sacara husus ieu
panalungtikan miboga tujuan hayang ngadéskripsikeun:
1) kamampuh maca carita babad Sumedang, siswa kelas VII 02 SMP Negeri 1
Bandung saméméh ngagunakeun modél pangajaran CORE;
2) kamampuh maca carita babad Sumedang, siswa kelas VII 02 SMP Negeri 1
Bandung sabada ngagunakeun modél pangajaran CORE; sarta
3) kamampuh siswa kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung dina maca carita babad
Sumedang saméméh jeung sabada ngagunakeun modél pangajaran CORE.
1.4 Mangpaat Panalungtikan
Mangpaat panalungtikan kabagi kana dua bagian nyaéta mangpaat sacara
tioritis jeung mangpaat sacara praktis.
1.4.1 Mangpaat Tioritis
Mangpaat tioritis dina ieu panalungtikan nyaéta salian ti ngeuyeuban
élmu pangaweruh ogé bisa dijadikeun alternatif dina proses diajar-ngajar utamana
dina milih modél pangajaran anu leuwih inovatif jeung éféktif dina maca carita
babad.
1.4.2 Mangpaat Praktis
Salian ti mangpaat tioritis, ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat
praktis di antarana:
1) pikeun prosés pangajaran, ieu panalungtikan méré sumbangan pikeun
6
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) pikeun guru, bisa dijadikeun alternatif dina pangajaran maca carita babad
sangkan prosés pangajaran leuwih variatif jeung teu monoton;
3) pikeun siswa, bisa leuwih aktif dina kagiatan prosés pangajaran sangkan
miboga kamampuh maca anu hadé nepi ka bisa nyangking eusi atawa
informasi bacaan;
4) pikeun sakola, bisa méré sumbangan dina raraga ngaronjatkeun ajén
pangajaran di sakola; jeung
5) pikeun nalungtik, bisa leuwih ngaronjatkeun kualitas paélmuan jeung
ngaimplementasikeun modél pangajaran anu luyu pikeun pangajaran maca
carita babad.
1.5Sistematika Nulis
Sistematika nyusun skripsi dina ieu panalungtikan nyaéta:
BAB 1 Bubuka
Dina ieu bab didadarkeun perkara kasang tukang, watesan jeung rumusan
masalah, tujuan panalungtikan, metode panalungtikan, mangpaat panalungtikan,
jeung sistematika nulis.
BAB II Ulikan Tiori, Raraga Mikir, jeung Hipotésis
Dina ieu skripsi anu jadi kajian jeung ulikan tiori nyaéta modél pangajaran
CORE, maca bedas, jeung carita babad Sumedang. Di dieu dipedar tiori-tiori ti
mimiti wangenan, tujuan, jrrd. anu aya patalina jeung pedaran-pedaran di luhur,
sarta raraga mikir jeung hipotésis.
BAB III Métode Panalungtikan
Dina bab III dipedar ngeunaan léngkah-léngkah panalungtikan ti mimiti
sumber data panalungtikan, desain panalungtikan, métode panalungtikan,
7
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
BAB IV Hasil Panalungtikan jeung Analisis Data
Dina bab IV dipedar ngeunaan pedaran jeung déskripsi tina hasil
panalungtikan, jeung analisis data hasil panalungtikan.
BAB V Kacindekan jeung Rékoméndasi
Eusina ngeunaan kacindekan tina sakabéh pedaran hasil panalungtikan.
Salian ti éta, aya rékoméndasi atawa saran anu ditepikeun ka nu maca.
Salian ti babagian anu geus disebutkeun di luhur, tangtu waé aya babagian
panglengkep séjénna. Boh dina awal boh dina ahir saperti pangjajap, daftar eusi,
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB III
MÉTODE PANALUNGTIKAN
Métode panalungtikan mangrupa tatapakan anu dipaké pikeun
panalungtikan. Ku kituna, dina ieu bab dipedar ngeunaan sumber data, desain
panalungtikan, variabel jeung wangenan operasional, instrumen panalungtikan,
jeung téhnik panalungtikan.
3.1Sumber Data Panalungtikan
Sumber data dina ieu panalungtikan nya éta hasil diajar maca carita babad
Sumedang ngagunakeun modél pangajaran CORE ka siswa kelas VII 02 SMP
Negeri 1 Bandung taun ajaran 2013/2014. Anu jumlahna aya 33 siswa, anu
ngawengku 14 siswa lalaki jeung 19 siswa awéwé.
3.2Desain Panalungtikan
Nurutkeun Arikunto (2006, kc.22-23) desain panalungtikan mangrupa
prosés anu dirancang pikeun ngajawab atawa ngajelaskeun masalah-masalah
panalungtikan. Desain panalungtikan kabagi jadi tilu rupa, nya éta (1) one shot
study, (2) pretest-postest (3) statict group comparison.
Métode anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi
ékspérimén. Métode kuasi ékspérimén ngawengku desain pre-test and post-test
group, nya éta panalungtikan ditujukeun ka hiji kelompok tanpa ayana kelompok
pembanding. Tujuan tina desain ékspérimén ieu nya éta pikeun maluruh ayana
sebab akibat ku cara méré perlakuan/treatment ka hiji kelompok ékspérimén.
Tabél 3.1
Desain Panalungtikan
31
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
01 X 02
Sugiyono (2012, kc.75)
Katerangan:
01 : Pratés (hasil observasi saméméh perlakuan)
X : Treatment (Perlakuan pangajaran ngagunakeun modél CORE)
02 : Pasca tés (Hasil observasi sanggeus perlakuan)
3.3 Métode Panalungtikan
Métode dina ieu panalungtikan nya éta métode kuasi ékspérimen. Métode
kuasi ékspérimén atawa disebut ogé ékspérimén semu, nya éta hiji panalungtikan
ngagunakeun kelas ékspérimén kalawan henteu maké kelas kontrol atawa henteu
aya random. Kamampuh siswa diukur dua kali, nya éta saméméh perlakuan jeung
sanggeus perlakuan.
Métode ékspérimén mangrupa hiji métode panalungtikan anu produktif
sabab digunakeun pikeun ngajawab hipotésis anu geus dirumuskeun.
3.4Variabel jeung Wangenan Operasional
3.4.1 Variabel
Kerlinger (dina Sugiyono, 2010, kc.38) nétélakeun yén “Variabel adalah
konstruk (constructs) atau sifat yang akan dipelajari.” Kerlinger ogé nétélakeun
yén “Variabel dapat dikatakan sebagai suatu sifat yang diambil dari suatu nilai yang berbeda (different values). Salian ti Kerlinger, Kidder (dina Sugiyono, 2010,
kc.38) ogé nétélakeun yén “Variabel adalah suatu kualitas (qualities) dimana
penelitian mempelajari dan menarik kesimpulan darinya.”
Dina ieu panalungtikan aya dua variabel, nya éta variabel bébas jeung
variabel kauger. Variabel bébas mangrupa variabel anu mangaruhan kana variabel
32
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
(variable X) dina ieu panalungtikan modél CORE salaku faktor anu mangaruhan,
sedengkeun anu jadi variabel kaugerna (variable Y) nya éta kamampuh maca
carita babad Sumedang siswa kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung.
3.4.2 Wangenan Operasional
Sangkan henteu nimbulkeun salah tafsir kana ieu panalungtikan, perlu aya
sababaraha istilah nu kudu dihartikeun, diantarana:
1) Modél CORE
Modél CORE nya éta salah sahiji modél pangajaran maké métode diskusi.
modél CORE ngawengku opat prosés, nya éta connecting (konéksi informasi anu
heubeul-anyar jeung antar konsép), organizing (organisasi ide pikeun maham
matéri), reflecting (mikirkeun deui, mendalami, sarta ngaguar), jeung extending
(mekarkeun, ngajembaran, nggunakeun, jeung nimukeun).
2) Maca Bedas Carita babad
Maca bedas nya éta kagiatan nyoarakeun tulisan anu dibacana ngagunakeun
ucapan, lafal, sarta intonasi anu hadé tur tepat sangkan paregep sarta nu maca bisa
nyangkem informasi anu ditepikeun ku panulis, boh anu mangrupa pikiran,
perasaan, sikep, atawa pangalaman nu nulis. Sedengkeun Carita babad nya éta
carita anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah.
Carita babad anu dipaké nya éta babad Sumedang.
3.5Instrumén Panalungtikan
Instrumén mangrupa hal anu kawilang pentingna, dina panalungtikan sabab
hasil henteuna panalungtikan dipangaruhan ku instrumén anu digunakeun.
Instrumén dipaké pikeun ngumpulkeun data anu bener-bener dituju sarta data anu
diperlukeun, anu engkéna bisa ngajawab kana masalah jeung hipotésis. Instrumén
33
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
dina wangun tés lisan anu mangrupa paréntah pikeun siswa maca carita babad ku
cara ditembangkeun dina wangun pupuh.
Tés dipaké pikeun ngumpulkeun data, nya éta pikeun ngukur kamampuh
siswa dina maca carita babad Sumedang. Tés anu dilaksanakeun nya éta pratés
jeung pasca tés.
Pratés dilaksanakeun pikeun ngukur kamampuh maca carita babad
Sumedang saméméh ngagunakeun modél CORE, sedengkeun pasca tés
dilaksanakeun pikeun ngukur hasil diajar siswa dina maca carita babad Sumedang
sanggeus ngagunakeun modél CORE.
Tabél 3.2
Paréntah/ Unjuk Kerja Pratés Jeung Pasca Tés
Pék baca carita babad Sumedang (maca bedas) ku cara ditémbangkeun dina
wangun pupuh durma!
3.6Téhnik Ngumpulkeun Data
Téhnik anu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta téhnik tés. Téhnik
tés dina ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun meunangkeun data boh saméméh
boh sanggeus dibéré stimulus ka siswa dina prosés diajar-ngajar siswa maca carita
babad.
Léngkah-léngkah dina téhnik ngumpulkeun data ngawengku sababaraha
tahapan ieu di handap:
1) Ngalaksanakeun prosés diajar ngajar materi maca carita babad teu
ngagunakeun modél CORE;
2) Siswa migawé pancén mangrupa pratés maca carita babad pikeun mikanyaho
pangaweruh awal siswa kana maca carita babad;
3) Sanggeus mikanyaho pangaweruh siswa kana maca carita babad ngaliwatan
pratés anu geus dilaksanakeun, panalungtik ngalaksanakeun prosés
34
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4) Sanggeus ngalaksanakeun prosés diajar-ngajar ngagunakeun modél CORE
saterusna dilaksanakeun pasca tés pikeun mikanyaho kamampuh siswa
sanggeus dibéré treatmen naha ngaronjat atawa henteu.
3.7 Téhnik Ngolah Data
Téhnik ngolah data digunakeun pikeun maluruh jawaban tina pasualan anu
kapanggih dina ieu panalungtikan.
Data anu kacangking tina hasil pratés jeung pasca tés diolah deui sangkan
kapanggih bédana antara hasil awal jeung hasil ahir.
Sajaba ti éta, hasil tina observasi digunakeun pikeun ngadeudeul sarta
ngalengkepan argumén anu bisa némbongkeun bener atawa henteuna hipotésis
anu ges dirarancang dina awal panalungtikan.
Data anu kudu kacangking, di antarana:
1) Kamampuh maca carita babad Sumedang saméméh ngagunakeun modél
pangajaran CORE;
2) Kamampuh maca carita babad Sumedang sanggeus ngagunakeun modél
pangajaran CORE;
3) Bédana kamampuh maca carita babad Sumedang saméméh jeung sanggeus
ngagunakeun modél pangajaran CORE.
Pikeun ngolah data di luhur, aya sababaraha léngkah-léngkah data dina ieu
panalungtikan, nya éta:
1) Mariksa hasil pratés jeung pasca tés
2) Meunteun hasil tés siswa dina maca carita babad Sumedang ngagunakeun
pedoman anu geus ditangtukeun saperti tabél 3.3. Dumasar kana éta
pedoman, skor maksimal siswa nya éta 100. Skor anu kahontal ku siswa
dirobah jadi skor ahir ngagunakeun rumus:
35
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Skor ahir siswa ditabulasikeun dina tabél ieu dihandap.
Tabél 3.3
Format Peunteun Maca Carita Babad Sumedang
No. A B C D ∑ P Kategori
Katerangan:
No : Nomer urut siswa
A : Volume sora
B : Ucapan/artikulasi
C : Lentong (wirahma jeung randegan)
D : Gesture ∑ : Jumlah P : Peunteun
Katégori : Peunteun ≥ 78, siswa dianggap mampuh maca bedas carita babad
Peunteun ≤ 78, siswa dianggap can mampuh maca bedas carita
babad.
 Pedoman skala peunteun anu ngawengku volume sora, ucapan (artikulasi),
jeda jeung intonasi, jeung réngkak paripolah (gesture).
1) Volume sora
Volume sora miboga kalungguhan penting sangkan dipaliré. Dina
maca carita babad ku cara ditembangkeun anu kudu diperhatikeun nya éta
sora, anu maca kudu tarik sangkan kadéngé ku balaréa.
36
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Artikulasi dina maca carita babad kudu jelas, boh sora vokal saperti
/a/, /i/, /u/, /é/, /o/, /eu/, boh sora-sora konsonan, sarta pelafalan kecap kudu
jelas tur merenah.
3) Lentong (wirahma, jeung randegan)
Lentong pakaitna jeung pasualan “tekanan dinamik”, nya éta tarik
launna sora, “tekanan tempo” nya éta gancang launna ucapan, “tekanan nada” nya éta aya patalina jeung luhur handapna sora, jeung “modulasi”
anu ngawengku parobahan sora.
4) Réngkak Paripolah (gesture)
Gerak anggota badan dina maca carita babad ku cara
ditembangkeun. Dina waktu macakeun carita babad réngkak paripolah
kudu profesional disaluyukeun jeung eusi carita babad, ulah kaleuleuwihi.
 Katerangan aspék anu diajén sarta skorna:
A. Volume sora
5 = Volume sora tarik, jelas kadéngéna ku balaréa. (hadé pisan)
4 = Volume sora cukup jelas kadéngéna ku balaréa. (hadé)
3 = Volume sora kurang jelas kadéngéna ku balaréa. (sedeng)
2 = Volume sora henteu jelas kadéngéna ku balaréa. (kurang)
1 = Volume sora teu puguh kadéngéna. (kurang pisan)
B. Ucapan (artikulasi)
5 = Sora vokal jeung konsonan jéntré jeung bedas, (hadé pisan).
4 = Sora vokal jeung konsonan cukup jéntré jeung cukup bedas, (hadé).
3= Sora vokal kurang jéntré, sora konsonan jéntré jeung bedas, (sedeng).
2 = Sora vokal jeung sora konsonan kurang jéntré jeung kurang bedas.
(kurang)
1 = Sora vokal jeung konsonan henteu jéntré jeung teu bedas, (kurang
pisan).
C. Lentong (Tekanan, wirahma, jeung randegan)
37
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
4 = Tekanan, wirahma, jeung randegan cukup merenah, (hadé).
3 = Tekanan, wirahma merenah, randegan kurang merenah, (sedeng).
2= Tekanan merenah, wirahma jeung randegan kurang merenah, (kurang).
1 = Tekanan, wirahma, jeung randegan henteu merenah, (kurang pisan).
D. Réngkak paripolah (gesture)
5 = Réngkak paripolah dina maca carita babad ku cara ditembangkeun
merenah, (hadé pisan).
4 = Réngkak paripolah dina maca carita babad ku cara ditembangkeun
cukup merenah, (hadé).
3 = Réngkak paripolah dina maca carita babad ku cara ditembangkeun
kurang merenah, (sedeng).
2 = Réngkak paripolah dina maca carita babad ku cara ditembangkeun
henteu merenah, (kurang).
1 = Réngkak paripolah teu puguh, (Kurang pisan).
Sudjana (dina Rhamdini, 2013, kc.43)
Data dianalisis pikeun nguji hipotésis, dijéntrékeun saperti ieu dihandap.
3.7.1 Uji Sipat Data
Pikeun nguji sipat data anu dilaksanakeun dua cara, nya éta uji normalitas
jeung uji homogénitas. Uji sipat data digunakeun pikeun nangtukeun uji statistika
paramétrik atawa non parametrik.
(1) Uji Normalitas
Uji normalitas miboga tujuan pikeun ngayakinkeun yén kamampuh siswa
téh mibanda distribusi anu normal. Pikeun nangtukeun yén éta data miboga sipat
normal atawa henteu bisa ngagunakeun rumus Chi kuadrat (X2).
Dina ieu panalungtikan, uji normalitas ngaliwatan sababaraa léngkah, nya
éta:
38
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) Ngitung rentang (r) ngagunakeun rumus ieu dihandap:
r = peunteun panggedéna – peunteun pangleutikna
3) Nangtukeun jumlah kelas interval, kalawan maké rumus:
k = 1 + 3,3 log n
4) Ngitung panjang kelas interval
5) Nyieun tabél frékuénsi peunteun pratés jeung pasca tés kalayan ngagunakeun
tabél ieu dihandap:
Tabél 3.4
Format Frékuénsi Peunteun Pratés Jeung Pasca Tés
No. Kelas Interval
f
i
Xi
xi
2f
iXifiXi
21
2
3
4
39
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
6) Ngitung rata-rata (mean) peunteun pratés jeung pasca tés kalayan
ngagunakeun rumus ieu dihandap:
Katerangan:
= rata-rata (mean)
∑ = jumlah (sigma)
fi = jumlah data
Xi = niléy tengah
Sudjana (2005, kc.70)
7) Ngitung standar deviasi, ngagunakeun rumus:
8) Ngitung frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi (perkiraan)
a) Nyieun tabél frékuénsi observasi jeung frékuénsi ékspéktasi
Tabél 3.5
Format Frékuénsi Observasi Jeung Frékuénsi Ékspéktasi Pratés
Interval Oi BK
Handap
Bk
Luhur Z1 Z2 L Ei X
2
∑
40
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
c) Nangtukeun batas kelas interval (bk)
d) Ngitung Zitung (transformasi normal standar bébas kelas)
e) Nangtukeun Ztabél
f) Ngitung lega kelas interval (L)
L = Ztabél 1–Ztabél2
g) Ngitung Frékuénsi ékspéktasi, ku cara:
Ei =
h) Nangtukeun niléy X2 (Chi Kuadrat)
Sudjana (2005, kc.273)
i) Nangtukeun drajat kabébasan (dk)
dk = k – 3
j) Nangtukeun harga X2tabél
k) Nangtukeun normalitas ngagunakeun kriteria ieu dihandap:
a. Lamun X2itung < X2tabél, Hartina data atawa populasi distribusina
normal.
b. Lamun X2itung > X2tabél, Hartina data atawa populasi distribusina teu
41
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sanggeus dilaksanakeun uji normalitas, sarta data nu dihasilkeunna
normal, hal anu kudu dilaksanakeun satuluyna nya éta uji homogénitas varian nu
fungsina pikeun nangtukeun uji parametrik nu luyu.
(2) Uji Homogénitas
Uji homogénitas nya éta uji sipat data nu tujuanana pikeun mikanyaho
homogén henteuna sampel tina populasi nu sarua.
Léngkah-léngkah pikeun nangtukeun homogénitas nya éta:
1) Ngitung variasi masing-masing kelompok
Variasi pratés
Variasi pasca tés
Sudjana (2005, kc.95)
2) Ngitung harga variasi (F)
3) Ngitung derajat kabébasan (dk)
dk = n – 1
42
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
5) Nangtukeun homogén henteuna data dumasar kana criteria ieu dihandap.
Saupama Fitung < Ftabél hartina variasi sampel homogén
Saupama Fitung > Ftabél hartina variasi sampel teu homogén
Sudjana (2005, kc.250)
3.7.2 Uji Gain
Uji gain miboga tujuan pikeun nangtukeun naha aya bédana antara hasil
pratés jeung hasil pasca tés. Hasil tina uji gain, bisa méré gambaran ngeunaan
pangaruh digunakeunana modél pangajaran CORE dina maca carita babad
Sumedang siswa kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung taun ajaran 2013/2014.
Pikeun nguji gain digunakeun tabél ieu dihandap.
Tabél 3.6
Uji Gain (D) Tingkat Kamampuh Maca Carita Babad Sumedang
No Peunteun Pratés Peunteun Pasca Tés D d2
normalitas nuduhkeun yén éta data miboga distribusi data anu normal, dina nguji
éta data hipotésisna ngagunakeun statistik paramétris kalawan ngagunakeun uji
t-tés. Kadua, saupama data hasil uji normalitas téh nuduhkeun yén data miboga
distribusi data anu teu normal, dina nguji éta data hipotésisna ngagunakeun
statistik nonparamétris kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.
43
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Statistik paramétris digunakeun nalika data miboga distribusi anu
normal. Léngkah-léngkah dina statistik paramétris nya éta saperti ieu
dihandap.
a) Ngitung rata-rata (mean) tina béda antara peunteun pratés jeung peunteun
pasca tés.
b) Ngitung darajat kabébasan (dk)
dk = n - 1
c) Ngitung jumlah kuadrat déviasi
∑x2d = ∑d2 –
d) Ngitung t,
Katerangan:
: tés signifikansi
: rata-rata (mean) tina béda antara hasil pratés jeung pasca tés
: jumlah kuadrat déviasi
: jumlah subyék dina sampel
e) Ditarima henteuna hipotésis dumasar kana kriteria ieu dihandap.
 Lamun titung > ttabél hartina hipotésis ditarima.
44
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) Statistik Non-Paramétris
Statistik Non-Paramétris digunakeun saupama data hasil uji normalitas
téh nuduhkeun yén data miboga distribusi data anu teu normal, dina nguji éta
data kalawan ngagunakeun uji Wilcoxon.
Numutkeun Sudjana (dina Rhamdini, 2013, kc.49) léngkah-léngkah uji
Wilcoxon, diantarana nya éta:
a. asupkeun peunteun pratés siswa kana kolom ka-2 (VII A1);
b. asupkeun peunteun pasca tés siswa kana kolom ka-3 (VII B1);
c. itung bédana antara pratés jeung pasca tés ku cara VII B1 – VII B1 tuluy
asupkeun hasilna kana kolom ka-4;
d. nangtukeun jenjang ku cara nataan hasil bédana tina kolo ka-4 ti mimiti
niléy béda anu pangleutikna nepi ka anu panggedéna;
e. sanggeus ditataan (misalna aya niléy nu sarua), pikeun nangtukeun
jenjangna, éta niléy dijumlahkeun tuluy dibagi dua. Niléy tina hasil
ngabagi téh mangrupa hasil jenjangna;
f. sanggeus ditataan, asupkeun niléy jenjang JB kana kolom ka-5;
g. ngasupkeun niléy jenjang anu positif kana kolom ka-6, misalna aya niléy
béda anu negatif asupkeun kana kolom ka-7;
h. tempo kana tabél harga-harga kritis uji Wilcoxon, missal jumlah n = 23
kalawan ngagunakeun taraf kasalahan 5% Wtabél = 73;
i. data anu geus diitung tuluy diasupkeun kana tabél uji Wilcoxon ieu di
handap.
45
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Tabél Uji Wilcoxon
No. VII A1 VII B1 Béda Tanda Jenjang
VIIA1-VII B1 Jenjang + -
Katerangan:
VII A1 : Peunteun pratés
VII B1 : Peunteun pasca tés
j. ditarima henteuna hipotésis dina uji coba Wilcoxon ngagunakeun kritéria
ieu dihandap.
 Saupama Witung (-) < Wtabél dumasar taraf nyata ditangtukeun, hartina Ha
ditarima, yén modél pangajaran CORE miboga pangaruh dina
ngaronjatkeun kamampuh maca carita babad Sumedang siwa kelas VII
02 SMP Negeri 1 Bandung taun ajaran 2013/2014.
 Saupama Witung (-) > Wtabél dumasar taraf nyata ditangtukeun, hartina Ha
ditolak, yén modél pangajaran CORE henteu miboga pangaruh dina
ngaronjatkeun kamampuh maca carita babad Sumedang siwa kelas VII
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V
KACINDEKAN JEUNG RÉKOMENDASI
5.1 Kacindekan
Ieu panalungtikan dilaksanakeun pikeun nyangking hasil anu akurat
ngeunaan kamampuh siswa dina maca bedas carita babad saméméh jeung sabada
ngagunakeun modél CORE. Unggal panalungtikan tangtu miboga tujuan anu baris
dihontal, tujuan tina unggal panalungtikan nyaéta pikeun ngabuktikeun atawa
nguji hal-hal anu ditalungtik anu dirumuskeun dina rumusan masalah. Aya tilu
hal anu ditalungtik nyaéta kumaha hasil diajar siswa dina maca carita babad
Sumedang saméméh ngagunakeun modél CORE, kumaha hasil diajar siswa dina
maca carita babad Sumedang sabada ngagunakeun modél CORE, naha aya
bédanan kamapuh maca carita babad Sumedang siswa saméméh jeung sabada
ngagunakeun modél pangajaran CORE.
1) Kamampuh maca bedas carita babad Sumedang siswa SMP Negeri 1 Bandung
taun ajaran 2013/2014 saméméh ngagunakeun modél CORE, hasilna kurang
nyugemakeun atawa kurang tina KKM anu geus ditangtukeun. Ieu hal katitén
tina rata-rata skor total pratés siswa kelas VII 02 SMP Negeri 1 Bandung
nyaéta 66,21, anu ngawengku rata-rata skor tina aspék volume sora nyaéta 3,9;
skor rata-rata tina aspék ucapan (artikulasi) nyaéta 4,39; skor rata-rata tina
aspék lentong (tekanan, wirahma, randegan) nyaéta 2,88; jeung rata-rata skor
tina aspék réngkak paripolah (Gesture) nyaéta 2,1. Ieu hal dilantarankeun
siswa kurang nyangkem kana naon anu dipedar tur siswa kurang nyangkem
86
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
2) Kamampuh maca bedas carita babad Sumedang siswa SMP Negeri 1
Bandung taun ajaran 2013/2014 sabada ngagunakeun modél CORE, hasilna
nyugemakeun atawa geus bisa ngahontal KKM anu ditangtukeun. Ieu hal
katitén tina rata-rata skor total pasca tés siswa kelas VII 02 SMP Negeri 1
Bandung nyaéta 83,51, anu ngawengku rata-rata skor tina aspék volume sora
nyaéta 4,49; skor rata-rata tina aspék ucapan (artikulasi) nyaéta 4,63; skor
rata-rata tina aspék lentong (tekanan, wirahma, randegan) nyaéta 3,97; jeung
rata-rata skor tina aspék réngkak paripolah (Gesture) nyaéta 3,64. Ieu hal
ngabuktikeun yén ayana pangaruh diajar maca bedas carita babad Sumedang
ngaliwatan modél pangajaran CORE.
3) Modél pangjaran CORE (connecting, organizing, reflecting, extending) téh
bisa ngaronjatkeun kamampuh siswa dina maca bedas carita babad Sumedang.
Ieu hal dumasar kana hasil analisis data anu ngabuktikeun uji hipotésis.
Katitén yén titung (5,54) sedengkeun ttabél (2,46) tina darajat kabébasan 32 sarta
tingkat kapercayaan 99% nyaéta 2,46, cindekna, titung (5,54) > ttabél (2,46).
Dina ieu panalungtikan aya béda signifikan antara kamampuh maca bedas
carita babad Sumedang siswa saméméh jeung sanggeus ngagunakeun modél
CORE. Ku kituna hipotésis téh ditarima.
5.2 Rékoméndasi
Sanggeus diayakeun panalungtikan ngeunaan maca carita babad
Sumedang maké modél CORE, aya sababaraha rékoméndasi ieu di handap.
1) Modél CORE bisa dijadikeun salah sahiji alternatif pikeun guru dina
pangajaran maca, lantaran geus kabukti éféktif;
2) Ku ayana modél pangjaran CORE ieu, dipiharep aya panalungtikan ngeunaan
modél pangjaran CORE dina matéri pangajaran liana pikeun leuwih
ngabuktikeun kaéféktifan éta modél pangjaran CORE;
3) Pikeun panalungtik anu satuluyna, dipiharep bisa leuwih siap dina
87
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA
Apriansyah, L. (2011) Éféktivitas Media Komik pikeun Ngaronjatkeun Kamampuh
Maca Pamahaman Dongéng. Skripsi FPBS UPI Bandung: Tidak diterbitkan.
Arikunto, S. (2010). Manajemen Penelitian. Bandung: Rineka Cipta.
Danadibrata, R.A. (2006). Kamus Basa Sunda. Bandung: PT. Kiblat Buku Utama Universitas Padjajaran.
Dinas Provinsi Jawa Barat. (2002). Standar Kompetensi dan Kompetensi Dasar
Mata Pelajaran Bahasa dan Sastra Sunda. Bandung.
Faturohman, T. (1983). Ulikan Sastra. Bandung: Geger Sunten.
Jacob, C. (2005). Pengembangan Model CORE dalam Pembelajaran Logika
dengan Pendekatan Reciprocal Teaching bagi Siswa SMA Negeri 9 Bandung dan SMA Negeri 1 Lembang. Bandung: Laporan Piloting. FPMIPA UPI.
Koswara, D. (2011). Racikan Sastra. Bandung: Jurusan Pendidikan Bahasa Daerah UPI.
LBSS. (2007) Kamus Umum Basa Sunda. Bandung:Geger sunten
Priatna, N. (2009). Perbandingan Kompetensi Strategi Siswa SMP yang
Memperoleh Pembelajaran Matematika Melalui Model CORE dengan Metode Ekspositori. Mimbar Pendidikan: Jurnal Kependidikan No.2. Vol
XXVIII, Tahun 2009. Bandung: Universitas Pendidikan Indonesia.
Rahman. (2011). Model Mengajar & Bahan Pembelajaran. Bandung: Alqaprint Prisma Interdelta Jatinangor.
Rhamdini, R. Éféktivitas Média Audio Visual dina Pangajaran Maca Warta (Studi
Kuasi Ékspérimén ka Siswa Kelas X-2 SMA Negeri 6 Bandung Taun Ajaran 2012-2013). Skripsi FPBS UPI Bandung: Tidak diterbitkan.
Sagala, S. (2006). Konsep dan Makna Pembelajaran. Bandung: Alfabeta.
Sudjana, N. (2005). Metode Statistika. Bandung: Tarsito
88
Tati Patonah, 2014
Modél connecting, organizing, reflecting, extending (core) Dina pangajaran maca carita babad sumedang
Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu
Sugiyono. (2012). Metode Penelitian kuantitatif Kualitatif dan R&D. Bandung: ALFABETA CV.
Sumardjo, J. jeung Saini, K.M. (1986). Apresiasi Kesusastraan. Jakarta: PT Gramedia.
Suyanto. (2009). Menjelajah Pembelajaran Inovatif. Sidoarjo: Masmedia Buana Pustaka.
Suzana, Y. (2003). Meningkatkan Kemampuan Pemahaman dan Penalaran
Matematik Siswa Sekolah Menengah Umum (SMU) Melalui Pembelajaran dengan Pendekatan Metakognitif. Tesis UPI: Tidak diterbitkan
Tarigan. H.G (1983). Membaca Sebagai Suatu keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
____________. (2008). Membaca Sebagai Suatu Keterampilan Berbahasa. Bandung: Angkasa.
Toharudin, E. (1998). Babad Panjalu Karya Sastra Sajarah Sunda. Skripsi FPBS UPI Bandung: Tidak diterbitkan.