• Tidak ada hasil yang ditemukan

ASPÉK SOSIAL DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA.

N/A
N/A
Protected

Academic year: 2017

Membagikan "ASPÉK SOSIAL DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA."

Copied!
27
0
0

Teks penuh

(1)

ASPÉK SOSIAL DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA

SKRIPSI

diajukeun pikeun nyumponan salah sahiji sarat nyangking gelar Sarjana Pendidikan di Departemen Pendidikan Bahasa Daerah

ku

Didah F. Muslimah NIM 1103285

DEPARTEMEN PENDIDIKAN BAHASA DAERAH FAKULTAS PENDIDIKAN BAHASA DAN SASTRA

UNIVERSITAS PENDIDIKAN INDONESIA 2015

▸ Baca selengkapnya: babasan mah aya dina wangun

(2)

Aspék Sosial dina Babasan

jeung Paribasa Sunda

Oleh

Didah F. Muslimah

Sebuah skripsi yang diajukan untuk memenuhi salah satu syarat memperoleh gelar

Sarjana Pendidikan pada Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra

© Didah F. Muslimah 2015

Universitas Pendidikan Indonesia

Februari 2015

Hak Cipta dilindungi undang-undang.

Skripsi ini tidak boleh diperbanyak seluruhya atau sebagian,

(3)
(4)

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ASPEK SOSIAL DALAM BABASAN DAN PARIBASA SUNDA1) Didah F. Muslimah2)

1103285

ABSTRAK

Tujuan penelitian ini adalah untuk mendeskripsikan aspek-aspek sosial yang terkandung dalam babasan dan paribasa Sunda, gambaran kehidupan sosial orang Sunda dilihat dari babasan dan paribasa Sunda, serta ciri khas masarakat Sunda yang ditemukan dalam babasan dan paribasa Sunda. Metode yang digunakan dalam penelitian ini adalah metode deskriptif, dengan menggunakan teknik studi pustaka dan analisis unsur langsung. Instrumen dalam penelitian ini adalah kartu data. Hasil penelitian aspek sosial dalam babasan dan paribasa Sunda adalah sebagai berikut. Pertama, aspek sosial dalam babasan dan paribasa mencakup kelompok sosial, etika sosial, identitas sosial, stratifikasi sosial dan interaksi sosial. Kedua, kehidupan sosial orang Sunda dibentuk oleh kelompok sosial berdasarkan umur, jenis kelamin, dan kekerabatan serta memiliki stratifikasi dalam bidang ékonomi, kekuasaan, kepemimpinan, pendidikan, profesi, dan usia. Kehidupannya menjunjung gotong royong, saling membantu, masyarakatnya ramah dan menghindari perselisihan. Ketiga, ciri khas masyarakat Sunda di antaranya memiliki perhatian khusus kepada orang tua dan kehidupan rumah tangga. Mata pencaharian masyarakat didominasi oleh petani. Sikap dan sifat masyarakatnya sangat ramah, sopan, terbuka, dan sangat menjaga lisan agar tidak menyakiti hati orang lain. Kehidupan masyarakatnya dipengaruhi oleh ajaran Islam, tapi sebagian percaya kepada tahayul, jampe, ciri khas pakaiannya adalah iket atau totopong serta memelihara kuda.

(5)

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1)

Skripsi di bawah bimbingan Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. dan Hernawan, S.Pd., M.Pd.

2) Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI angkatan 2011

ASPÉK SOSIAL DINA BABASAN JEUNG PARIBASA SUNDA 1) Didah F. Muslimah2)

1103285

ABSTRAK

Tujuan tina ieu panalungtikan nya éta ngadéskripsikeun aspék-aspék sosial nu kakandung dina babasan jeung paribasa Sunda, gambaran kahirupan sosial urang Sunda ditilik tina babasan jeung paribasa Sunda, sarta ciri has masarakat Sunda nu kapanggih dina babasan jeung paribasa Sunda. Métode nu digunakeun dina ieu panalungtikan nya éta déskriptif, kalawan téhnik studi pustaka jeung analisis unsur langsung. Instrumén dina ieu panalungtikan nya éta kartu data. Hasil panalungtikan aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda nya éta nu ditataan ieu. Kahiji, aspék sosial dina babasan jeung paribasa ngawengku kelompok sosial, étika sosial, idéntitas sosial, stratifikasi sosial jeung interaksi sosial. Kadua, kahirupan sosial urang Sunda diwangun ku kelompok sosial dumasar umur, wanda jinis, jeung pancakaki, miboga stratifikasi dina widang ékonomi, kakawasaan, kapamingpinan, atikan, pakasaban jeung umur, kahirupanana silih tulung, gotong royong, budina soméah jeung daréhdéh sarta nyingkahan pacogrégan. Katilu, ciri has masarakat Sunda di antarana masarakat Sunda miboga panitén ka jalma anu umurna geus kolot, ka kolot (indung-bapa) jeung ka na kahirupan rumah tangga, pakasaban masarakat lolobana tatanén, sikep jeung sipat masarakatna soméah, daréhdéh, sopan tur ngajaga omongan sangkan teu matak nganyerikeun haté sarta kahirupan masarakat Sunda kapangaruhan ku ajaran Islam, tapi aya sawatara anu masih percaya kana tahayul jeung jampé, aya upacara kawinan, sok make iket atawa totopong jeung ngingu kuda.

(6)

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu 1) Skripsi diaping ku Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. jeung Hernawan, S.Pd., M.Pd. 2) Mahasiswa Departemen Pendidikan Bahasa Daerah FPBS UPI entragan 2011

SOCIAL ASPECTS CONTAINED IN SUNDANESE BABASAN AND PARIBASA 1)

Didah F. Muslimah2) 1103285

ABSTRACT

The purpose of this study is to describe social aspects contained in Sundanese babasan and paribasa, Sundanese social life seen from babasan and paribasa Sunda and community characteristics contained in babasan and paribasa. The method used in this research is descriptive method with literature and direct elemental analysis. The instrument in this study is using a data card. The results of the social aspects contained Sundanese babasan and paribasa research are described this. First, the social aspects contained in babasan and paribasa include social groups, social ethics, social identity, social interaction, and sosial stratification. Second, the social life of Sundanese formed of social groups based on age, gender and kinship. Sundanese communities have social stratification in the fields of economy, power, leadership, education, livelihood and age. Life uphold helping each other, mutual cooperation, urbane were polite and friendly and so avoid saying that could hurt others. Third, the hallmark of which Sundanese communities have special attention to those who are old age, the parents (mother and father), and attention to family life. The livelihoods of communities dominated by farmers, the attitude is polite and friendly nature of its people, as well as maintaining oral speech can hurt others. In addition, the Sundanese people's lives are affected by the teachings of Islam and Hindu, believing in superstition and incantations, wearing iket or totopong and raise horses.

(7)

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1) Final paper is guided by Dr. H. Yayat Sudaryat, M.Hum. and Hernawan, S.Pd., M.Pd. 2)

(8)

vi

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR EUSI

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan ... 1

1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan ... 3

1.3 Tujuan Panalungtikan ... 4

1.3.1 Tujuan Umum ... 5

1.3.2 Tujuan Husus ... 5

1.4 Mangpaat Panalungtikan ... 5

1.4.1 Mangpaat Tioritis ... 5

1.4.2 Mangpaat Praktis ... 5

1.5 Raraga Tulisan ... 6

BAB II DASAR TIORITIS ... 7

2.1 Tiori Babasan jeung Paribasa katut Aspék Sosial ... 7

2.1.1 Babasan jeung Paribasa ... 7

2.1.1.1 Babasan ... 8

d. Paribasa Disawang tina Sumber Babandinganana ... 12

2.1.2 Aspék Sosial ... 13

2.1.2.1 Wangenan Aspék Sosial ... 13

2.1.2.2 Kelompok Sosial ... 14

(9)

vii

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

b. Kelompok Sosial Dumasar Wanda Jinis ... 16

c. Kelompok Sosial Dumasar Pancakaki ... 16

2.1.2.3 Étika Sosial ... 20

2.1.2.4 Idéntitas Sosial ... 21

2.1.2.5 Stratifikasi Sosial ... 21

2.1.2.6 Interaksi Sosial ... 22

a. Prosés nu Asosiatif ... 23

b. Prosés nu Disosiatif ... 24

2.2 Panalungtikan Saméméhna ... 25

2.3 Raraga Mikir ... 29

BAB III MÉTODE PANALUNGTIKAN ... 32

3.1 Desain Panalungtikan ... 32

3.2 Sumber Data ... 33

3.3 Ngumpulkeun Data ... 34

3.3.1 Instrumén Panalungtikan ... 34

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data ... 34

3.4 Analisis Data ... 35

BAB IV HASIL PANALUNGTIKAN JEUNG PEDARAN ... 36

4.1 Hasil Panalungtikan ... 36

4.1.1 Data Babasan jeung Paribasa ... 36

4.1.2 Aspék Sosial ... 37

4.1.2.1 Kelompok Sosial ... 37

a. Kelompok Sosial Dumasar Umur ... 37

b. Kelompok Sosial Dumasar Wanda Jinis ... 43

c. Kelompok Sosial Dumasar Pancakaki ... 55

4.1.2.2 Étika Sosial ... 64

4.1.2.3 Idéntitas Sosial ... 75

a. Dipangaruhan ku Ajaran Islam ... 75

b. Dipangaruhan ku Ajaran Hindu ... 78

c. Tumpeng ... 78

(10)

viii

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

e. Maké Iket atawa Totopong ... 79

f. Kabiasaan ... 79

g. Tabéat atawa Ciri Has Hiji Daérah ... 80

h. Basa ... 81

i. Ngingu Kuda ... 81

j. Sidekahan atawa Salametan ... 82

k. Kapercayaan jeung Tahayul ... 83

l. Maké Jimat ... 83

4.1.2.4 Stratifikasi Sosial ... 88

a. Ékonomi ... 89

b. Pakasaban ... 95

c. Kapamingpinan ... 104

d. Kakawasaan atawa Kalungguhan... 106

e. Atikan ... 111

f. Umur ... 113

g. Stratifikasi dina Sagala Rupa Hal ... 113

4.1.2.5 Interaksi Sosial ... 114

a. Prosés anu Asosiatif ... 115

b. Prosés anu Disosiatif ... 128

4.2 Pedaran ... 138

4.2.1 Gambaran Kahirupan Sosial Urang Sunda ... 138

4.2.2 Ciri Has Masarakat Sunda ... 148

BAB V KACINDEKAN JEUNG SARAN ... 150

(11)

ix

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5.2 Saran ... 152

DAPTAR PUSTAKA ... 153

LAMPIRAN-LAMPIRAN ... 155

DAPTAR GAMBAR Gambar 2.1 Pancakaki Urang Sunda ……… 20

Gambar 2.2 Raraga Mikir ……… 31

Gambar 3.1 Runtuyan Léngkah-léngkah Panalungtikan ………. 33

(12)

x

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR LAMPIRAN

Lampiran 1 Surat Keputusan Pengesahan dan Judul Dosen Pembimbing ….. 155 Lampiran 2 Data Babasan jeung Paribasa Sunda………. 157

(13)

1

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB I BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Panalungtikan

Unggal budaya miboga ciri has séwang-séwangan, ti mimiti karakteristik atawa watek jalmana, sistem perkawinanana, pakasaban masarakatna nepi ka kahirupan sosialna. Sakabéh lingkup kahirupan éta bisa kagambar tina hasil karya atawa folklor nu aya di jero masarakat. Salasahiji folklor nu bisa ngagambarkeun hiji kahirupan masarakat nya éta babasan jeung paribasa.

Babasan jeung paribasa téh kaasup kana folklor lisan. Salaku bagéan tina folklor, babasan jeung paribasa Sunda téh raket pisan patalina jeung budaya sarta manusa (masarakat). Russel dina Danandjaja (2007, kc. 28) nyebutkeun yén

paribasa téh mangrupa “kebijaksanaan orang banyak yang merupakan kecerdasan

seseorang.” Ku lantaran kitu, teu kudu anéh mun dina babasan jeung paribasa

loba ngandung aspék sosial. Ieu aspék sosial nu aya dina babasan jeung paribasa Sunda bisa ngagambarkeun kahirupan sosial urang Sunda tur ciri has masarakatna.

Pakait jeung kahirupan sosial, aya dua hal nu jadi inti tina aspék sosial, nya éta struktur sosial jeung prosés sosial sakumaha nu ditétélakeun ku Soekanto (2005, kc. 59-60) yén

dewasa ini para sosiolog memperhatikan kedua segi masyarakat itu, yaitu segi statisnya atau struktur masyarakat serta segi dinamis atau fungsinya masyarakat. Terdapat aspek-aspek struktural dan prosesual. Memang tidak dapat disangkal bahwa masyarakat mempunyai bentuk-bentuk strukturalnya seperti, kelompok-kelompok seosial, kebudayaan, lembaga sosial, stratifikasi dan kekuasaan...

Struktur sosial jeung prosés sosial kaasup aspék sosial nu bisa katitén atawa kagambarkeun dina babasan jeung paribasa Sunda. Salian jadi ciri kabeungharan basa Sunda, babasan jeung paribasa tangtu miboga fungsi séjén. Fungsi éta téh di antarana waé salaku sistem proyéksi, salaku alat ngesahkeun pranata-pranata jeung lembaga kabudayaan, salaku alat pendidikan, salaku alat pemaksa jeung pengawas norma-norma masarakat sangkan terus dilarapkeun (Danandjaja, 2007, kc. 27). Di antara fungsi-fungsi nu kasebut, babasan jeung paribasa téh lain saukur

(14)

2

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

keur ngaluskeun carita atawa omongan hiji jalma, tapi fungsina ngawengku kapentingan masarakat.

Jembarna fungsi babasan jeung paribasa Sunda hususna dina kahirupan masarakat ngirut para panalungtik pikeun ngulik babasan jeung paribasa tina sababaraha puseur panitén. Panalungtikan ngeunaan babasan jeung paribasa nu kungsi dilaksanakeun di antarana waé nya éta (1) “Babasan jeung Paribasa

(Tilikan Linguistik Antropologis)” (Novianti, 2012); (2) “Aspek Psikolinguistik

Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda (Ulikan Gambaran Watek Urang Sunda)” (Pertiwi, 2013); (3) “Gaya Basa Metafora dina Babasan jeung Paribasa

Basa Sunda (Tilikan Stilistik jeung Semantik)” (Fauziah, 2014); (4) “Babasan

jeung Paribasa Sunda nu Ngandung Ngaran Babagian Awak (Tilikan Semantik)”

(Firmansyah, 2014).

Éta panalungtikan téh objék garapanna sarua nya éta babasan jeung paribasa. Anapon kitu, masing-masing panalungtikan ngulik tina jihat anu béda. Upamana Novianti ngulik babasan jeung paribasa tina segi linguistik antropologis, Pertiwi ngulik gambaran watek urang Sunda tina aspék psikolinguistik sosial dina babasan jeung paribasa Sunda. Fauziah medar gaya basa métafora dina babasan jeung paribasa basa Sunda dumasar kana tilikan stilistika jeung semantik. Firmansyah medar babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung ngaran babagian awak tina segi tilikan semantik.

Panalungtikan nu ayeuna dilaksanakeun aya bédana jeung panalungtikan-panalungtikan saméméhna. Ieu panalungtikan-panalungtikan medar babasan jeung paribasa tina segi sosiologi basa nya éta nganalisis aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda nu udaganana ngadéskripsikeun aspék-aspék sosial nu ngawengku struktur sosial jeung prosés sosial (interaksi sosial). Struktur sosial nu ditalungtikna nya éta kelompok-kelompok sosial nu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda katut idéntitas sosial, étika, jeung stratifikasi sosial.

Jaba ti éta, aya ogé artikel anu medar kalawan husus patalina aspék sosial dina babasan jeung paribasa nya éta “Cerminan Sistem dan Struktur Sosial dalam

(15)

3

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

ngawengku opat hal nya éta (1) kapribadian urang Sunda, (2) urang Sunda jeung sabudeureunna, (3) tradisi masarakat Sunda, (4) udagan hirup urang Sunda. Métode nu digunakeunana nya éta métode déskriptif kalawan téknik studi pustaka. Tina ieu panalungtikan kapanggih yén babasan jeung paribasa diciptakeun luyu jeung kahirupan sosial masarakatna. Masarakat Sunda miharep anggota-anggotana miboga kapribadian nu kapuji, sopan, hémat jeung resep ngajeujeuhkeun duit. Dina ngalakukeun hiji hal kudu jujur, adil, jembar dina mikir, pengkuh dina kahadéan, ati-ati, sayaga jeung bijaksana. Hubungan di masarakat Sunda ngawengku hubungan di lingkungan kulawarga, masarakat, nagara jeung bangsa. Éta hubungan kudu didadasaran ku sikep silihasih, silihasah, silihasuh, nepi ka kacipta kaayaan hirup di masarakat nu akrab, rukun, ayem, tingtrim jeung kakulawargaan.

Sanajan panalungtikan nu ayeuna dilaksanakeun téh sarua jeung artikel nu

disusun ku Sudaryat, tapi aya sawatara hal anu béda. Di antara anu ngabédakeunana nya éta tina ambahanana. Dina artikel nu dijéntrékeun di luhur ambahanana leuwih jembar ti mimiti kapribadian individu masarakatna, hubunganana katut tradisi jeung udagan hirup urang Sunda. Dina ieu panalungtikan medar kahirupan urang Sunda nu leuwih husus jeung jero dina palebah hubungan urang Sunda jeung sabudeureunana. Hubungan éta ngawengku prosésna (interaksi) tur struktur nu aya di jerona saperti kelompok masarakat, lapisan (stratifikasi) masarakat, étika hirup jeung idéntitas masarakat. Étika jeung idéntitas masarakat saenyana raket patalina jeung tradisi masarakat Sunda. Jadi, bisa dicindekkeun yén bédana ieu panalungtikan jeung panalungtikan nu dilakukeun ku Sudaryat nya éta ieu panalungtikan ngaguar hubungan urang Sunda jeung sabudeureunana tur tradisi masarakatna kalawan leuwih husus.

(16)

4

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

1.2 Rumusan Masalah Panalungtikan

Babasan jeung paribasa mangrupa folklor lisan. Jumlahna tangtu loba pisan, ku kituna ieu panalungtikan perlu aya watesan masalah tur rumusanana. Objék dina ieu panalungtikan nya éta babasan jeung paribasa Sunda. Pikeun

ngawatesanana panulis nyokot babasan jeung paribasa Sunda dina buku Kamus

Idiom Bahasa Sunda nu disusun ku Drs. Budi R. Tamsyah, Dra. Purmasih, jeung

Dra. Tati Purmawati.

Sakumaha nu geus disebutkeun di luhur yén babasan jeung paribasa

mangrupa folklor, ari nu disebut folklor nya éta “sebagian kebudayaan suatu

kolektif, yang tersebar dan diwariskan turun-temurun di antara koleksi macam

apa saja, secara tradisional dalam versi yang berbeda, baik dalam bentuk lisan

maupun contoh yang disertai dengan gerak isyarat atau alat pembantu pengingat

(mnemonic device)” (Danandjaja, 2007, kc. 2).

Bisa katitén babasan jeung paribasa mangrupa hiji kabudayaan. Dina Koentjaraningrat (2002, kc. 204) aya tujuh unsur kabudayaan nu bisa kapanggih dina sakabéh bangsa di dunya nya éta (1) basa; (2) sistem pengetahuan; (3) organisasi sosial; (4) sistem pakakas hirup jeung teknologi; (5) sistem pakasaban; (6) sistem réligi; (7) kasenian. Di antara tujuh unsur kabudayaan di luhur, unsur basa utamana babasan jeung paribasa jadi puseur dina ieu panalungtikan. Ari ulikanana nyoko kana aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda anu ngawengku aspék struktural (kelompok sosial, étika sosial, idéntitas sosial jeung

stratifikasi sosial) jeung aspék prosésual (interaksi sosial anu ngawengku prosés

asosiatif jeung prosés disosiatif). Anapon aspék sosial anu ditalungtik téh dipaluruh tina struktur katut makna babasan jeung paribasa.

Dumasar kana katerangan di luhur, aya sababaraha masalah nu perlu dirumuskeun anu diwincik di handap ieu.

(17)

5

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

5) Naon waé interaksi anu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda?

1.3 Tujuan Panalungtikan

Hiji panalungtikan pasti aya tujuan nu hayang dihontal. Dina ieu panalungtikan dirumuskeun tujuan umum jeung tujuan husus.

1.3.1 Tujuan Umum

Tujuan umum dina ieu panalungtikan nya éta pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun kahirupan sosial urang Sunda nu kagambarkeun dina babasan jeung paribasa anu gunana sangkan urang Sunda teu poho ka na jati dirina salaku mahluk sosial nu cicing di tanah Sunda.

1.3.2 Tujuan Husus

Sacara husus ieu panalungtikan miboga tujuan pikeun mikanyaho jeung ngadéskripsikeun aspék-aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda anu ngawengku:

1) kelompok sosial, 2) étika sosial, 3) idéntitas sosial,

4) stratifikasi sosial, jeung 5) interaksi sosial.

1.4 Mangpaat Panalungtikan

Lian ti miboga udagan nu hayang dihontal, ieu panalungtikan ogé miboga mangpaat nu dipiharep bisa dicangkem, boh sacara tioritis boh sacara praktis.

1.4.1 Mangpaat Tioritis

Mangpaat tioritis tina ieu panalungtikan nya éta méré pangaweruh ka masarakat sacara umum ngeunaan aspék-aspék sosial nu kakandung dina babasan jeung paribasa Sunda tur gambaran kahirupan sosial urang Sunda.

(18)

6

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Babasan jeung paribasa miboga fungsi salaku alat pendidikan jeung alat pemaksa jeung pengawas norma-norma masarakat supaya terus dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Tangtuna ku jalan digalina aspék-aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda dipiharep bisa méré pendidikan moral jeung sosial pikeun masarakat atawa nu maca.

1.5 Raraga Tulisan

Struktur organisasi dina ieu panalungtikan dibagi jadi lima bab. Bab I

bubuka, nu eusina kasang tukang, rumusan masalah, tujuan panalungtikan nu dipasing jadi tujuan umum jeung tujuan husus, mangpaat panalungtikan nu ngawengku mangpaat sacara tioritis jeung mangpaat praktis sarta raraga tulisan.

Dina Bab II diguar tiori-tiori nu jadi dasar tur ngadeudeulan panalungtikan utamana nalika analisis data ngeunaan aspék-aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda. Eusi poko dina bab II ieu nya éta nétélakeun babasan jeung paribasa, aspék sosial, gambaran kahirupan sosial urang Sunda jeung patalina aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda jeung kahirupan sosial urang Sunda.

(19)

32

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

BAB III

MÉTODE PANALUNGTIKAN

3.1 Desain panalungtikan

Ieu panalungtikan téh ngagunakeun pamarekan kualitatif. Anu disebut pamarekan kualitatif Creswell dina Patilima (2011, kc. 3) ngadéfinisikeun salaku hiji prosés panalungtikan pikeun maham masalah sosial atawa masalah manusa

dumasar kana penciptaan gambar holistik nu diwangun ku kekecapan,

ngalaporkeun sawangan informan sacara rinci jeung disusun dina hiji latar illmiah. Pamarekan kualitatif sok disebut pamarekan humanistik sakumaha nu

disebutkeun ku Suparlan dina Patilima (2011, kc. 2) “Pendekatan kualitatif

seringkali juga dinamakan sebagai pendekatan humanistik karena di dalam

pendekatan ini cara pandang, cara hidup, selera ataupun ungkapan emosi dan

keyakinan dari warga masyarakat yang diteliti sesuai dengan masalah yang

diteliti juga termasuk data yang perlu dikumpulkan”.

Sakumaha nu dijéntrékeun di luhur, pamarekan kualitatif digunakeun pikeun nalungtik masalah nu pakait jeung sakabéh aspék dina kahirupan sosial. Sawatara ciri panalungtikan kualitatif nurutkeun Bogdan jeung Biklen dina Sugiyono (2012,

kc. 13) nya éta panalungtikan kualitatif (1) dilakukeun dina kondisi alamiah,

langsung ka sumber data jeung panalungtik mangrupa instrumén konci; (2) sipatna déskriptif, hartina data nu kakumpul mangrupa kekecapan atawa gambar, jadi teu nekenkeun kana angka; (3) leuwih nekenkeun kana prosés batan produk atawa outcome; (4) analisisna sacara induktif; (5) leuwih nekenkeun makna (data sajeroning nu katempo). Ku kituna, desain nu dipaké dina ieu panalungtikan ngan mangrupa runtuyan léngkah-léngkah panalungtikan.

Dumasar kana desain kualitatif, dina ieu panalungtikan digunakeun métode déskriptif anu dipilampah ngaliwatan prosés ngumpulkeun data, nyieun papasingan data, analisis data jeung nafsirkeun data. Dina ngumpulkeun data digunakeun téknik studi pustaka kalawan instrumén panalungtikan mangrupa kartu data. Sanggeus data kakumpul tuluy dipasing-pasing pikeun dianalisis ngagunakeun téknik analisis unsur langsung tur pamarekan sosiologi basa. Data

(20)

33

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

nu geus dianalisis tuluy ditafsirkeun jeung didéskripsikeun nu ahirna bisa ditarik kacindekan. Desain nu dipaké dina ieu panalungtikan ngan mangrupa runtuyan léngkah-léngkah panalungtikan saperti nu digambarkeun dina bagan ieu di handap.

Gambar 3.1. Runtuyan Léngkah-léngkah Panalungtikan

3.2 Sumber Data

(21)

34

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

sumber data mangrupa buku kumpulan babasan jeung paribasa Sunda nu judulna

Kamus Idiom Bahasa Sunda nu disusun ku Drs. Budi Rahayu Tamsyah, Dra.

Purmasih jeung Dra. Tati Purmawati pedalan Pustaka Setia Bandung, citakan kahiji bulan Agustus taun 1998. Kandel bukuna 208 kaca, ukuran buku 13 x 18 cm. Babasan jeung paribasa nu aya dina ieu buku jumlahna 2466 nu dipasing-pasing dina 21 alfabét.

Data nu didéskripsikeun nya éta aspék-aspék sosial dina babasan jeung paribasa. Aspék-aspék sosialna ngawengku aspék struktural nya éta kelompok sosial, idéntitas sosial, stratifikasi sosial, jeung étika sosial sarta aspék prosésual nu ngawengku interaksi sosial.

3.3 Ngumpulkeun Data

3.3.1 Instrumén Panalungtikan

Dina prak-prakan panalungtikan, instrumén anu digunakeun nya éta kartu data. Dina kartu data aya informasi ngeunaan:

1) Data babasan jeung paribasa

2) Sumber dicutatna babasan jeung paribasa saperti judul buku, kaca jeung nomer urut babasan jeung paribasa.

3) Harti babasan jeung paribasa

4) Papasingan aspék sosial babasan jeung paribasa.

Kartu data nu dimaksud nya éta digambarkeun saperti di handap ieu.

A

Adep-hidep (KIBS/B/9)

Harti : Kumawula ka salaki

Aspék Sosial

- Struktural : Kelompok sosial dumasar wanda jinis (hubungan antara pamajikan ka salaki)

- Prosésual : Interaksi sosial » gawé bareng (karukunan)

(22)

35

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

3.3.2 Téhnik Ngumpulkeun Data

Dina ngumpukeun data-data, téhnik nu digunakeun nya éta ulikan pustaka (studi bibliografis). Ulikan pustaka atawa studi pustaka dilakukeun pikeun meunangkeun objék panalungtikan anu sumberna tina literasi, sarta pikeun néangan tiori-tiori jeung sumber anu ngarojong kana panalungtikan. Léngkah-léngkah dina ngumpulkeun data nya éta:

1) Nangtukeun buku babasan jeung paribasa Sunda. 2) Maca buku babasan jeung paribasa Sunda.

3) Nyirian babasan jeung paribasa Sunda nu ngandung aspék sosial. 4) Nyalin babasan jeung paribasa nu geus dicirian ka na kartu data.

3.4 Analisis Data

Sanggeus data kumpul tuluy dianalisis. Dina nganalisis data digunakeun téhnik analisis data langsung unsur-unsur nu dianalisisna nya éta aspék-aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda nu ngawengku aspék struktural jeung prosésual. Anapon léngkah-léngkah dina nganalisis data nya éta:

1) Mariksa data babasan jeung paribasa nu geus dikumpulkeun. 2) Méré nomer kode data babasan jeung paribasa.

3) Ngaruntuykeun data sacara alfabétis.

4) Nyieun papasingan data dumasar ka na aspék sosial nya éta aspék struktural jeung prosésual nu kakandung.

5) Nganalisis babasan jeung paribasa anu némbongkeun atawa ngagambarkeun kahirupan sosial urang Sunda.

6) Nganalisis babasan jeung paribasa anu némbongkeun atawa ngagambarkeun ciri has masarakat Sunda.

(23)

150

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu BAB V

KACINDEKAN JEUNG SARAN

5.1 Kacindekan

Dumasar déskripsi jeung analisis aspék sosial dina babasan jeung paribasa Sunda pikeun ngagambarkeun kahirupan sosial urang Sunda tur ciri has masarakat Sunda, bisa dicindekkeun jadi sababaraha hal anu dipedar di handap ieu.

Kahiji babasan jeung paribasa anu ngandung aspék sosial kapanggih aya 985 data nu diwangun ku 851 babasan jeung 134 paribasa. Aspék sosial anu kakandung dina babasan jeung paribasa nya éta kelompok sosial, étika sosial, idéntitas sosial, stratifikasi sosial jeung interaksi sosial.

Kadua, kelompok sosial di masarakat Sunda dipasing jadi kelompok sosial dumasar umur, wanda jinis, jeung pancakaki. Masarakat Sunda miboga panitén husus ka kelompok umur kolot. Idéalna geus kolot mah kuduna geus asak pisan pikiran jeung pangalamanana, loba kanyaho, leuwih bijaksana jeung déwasa tur kahirupanana kudu beuki senang. Ku kituna masarakat Sunda kudu bibilintik ti

leuleutik babanda ti bubudak, geus gedé ngan kari maké.

Kelompok sosial dumasar wanda jinis dibagi jadi awéwé jeung lalaki. Awéwé kuduna satia-satuhu, bisa ngajaga kahormatan dirina, tegep tur perlénté, paripolah, omonganana pikaresepeun, jeung kudu nurut tur kumawula ka salaki.

Kelompok sosial dumasar pancakaki ngagambarkeun hubungan kolot ka budak. Kanyaah kolot saperti gunung tanpa tutugan sagara tanpa tepi. Hartina tan wates wangenna kanyaah kolot ka anak, ngorbankeun kaperluanana pikeun ngahirupan barudakna. Ku kituna budak ka kolot geus sakuduna hormat tilawat, hartina ngahormat sarta kacida merhatikeun ka kolot. Dina hubungan kulawarga atawa dulur, masarakat Sunda mah miboga prinsip bengkung ngariung, bongkok ngaronyok. Hartina kajeun hirup ripuh asal tetep henteu pajauh jeung anak incu. Masarakat Sunda tara poho atawa miceun ka dulur, sakumaha goréngna ogé jeung dulur sorangan, upama dulur ka musibahan mah angger baé kudu ditulungan.

Katilu, étika sosial anu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda nya éta étika dina nyarita, ngaregepkeun, dahar, nyémah, étika dina laku lampah, étika ka

(24)

151

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

kolot jeung étika nalika ka lembur batur. Nalika nyarita jeung batur, basa jeung rengkah-rengkuh kudu dijaga sangkan henteu nganyerikeun haté batur, kudu soméah, daréhdéh jeung nunjukeun pasemon anu hadé. Di masarakat Sunda katelah aya babasan malapah gedang nya éta nalika rék nepikeun hiji pamaksudan, henteu togmol tapi malibir heula, aya basa-basi heula.

Nalika ngaregepkeun nya éta kudu merhatikeun, tong api-api ngadéngékeun padahal naon anu diomongkeun ku batur henteu didéngé, utamana papatah. Dina laku lampah kudu sopan, soméah, daréhdéh, ngarumasakeun manéh, tetep ngajaga perasaan batur jeung bisa mihapékeun diri, tong nepi ka milampah anu dianggap teu hadé di antarana teu bisa diwarah, ngalunjak, loba jamedud atawa goréng budi, teu ngahargaan batur, munapék, teu nalipak manéh, teu nyaho diuntung, tara bébéja atawa amit heula, tur ngantep. Upama aya jalma anu ngalakukeun laku lampah anu goréng sakali, diantepkeun heula, kadua kali dihampura, katilu kalian mah kudu ditindak saperti dina babasan nista, maja, utama. Upamana datang ka lembur batur, boh lila boh sakeudeung, aya mangsana kudu ngeukeuhan adat-kabiasaan asal, aya mangsana kudu nyaluyukeun jeung adat-adat-kabiasaan tempat nu dicicingan.

Kaopat, Idéntitas sosial anu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda nya éta dipangaruhan ku ajaran Islam, kapangaruhan ku ajaran Hindu, percaya kana tahayul, jampé jeung jimat, diajar isim, upacara kawinan, salametan jeung sidekahan, ngingu kuda, maké iket atawa totopong, kasenian, cara nyangu jeung kabiasaan séjénna.

Kalima, Stratifikasi sosial nu kagambar dina babasan jeung paribasa Sunda

nya éta segi ékonomi, kakawasaan, kapamingpinan, atikan, umur jeung

(25)

152

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

bujangga atawa sastrawan, duta lalana, jaksa, pagawéan anu henteu netep, nu sok nyieun apu, jurutelik jeung pagawé kantor. Tina umur, masarakat Sunda gé ngawangun hiji stratifikasi nya éta ayana rengkah-rengkuh jeung hormat anu béda antara ka nu saluhureun, sapantaran jeung sahandapeun.

Kagenep, Interaksi sosial masarakat Sunda dipasing jadi interaksi anu sipatna asosiatif jeung disosiatif. Interaksi anu sipatna asosiatif ngawengku gotong royong, silih tulungan, gawé bareng dina kagiatan ékonomi, hirup sauyunan, teu aing-aingan. Dina ngaréngsékeun pasualan, aya sawatara cara nu dilakukeun keu masarakat Sunda di antarana ku cara badami, maréntah, ngaregepkeun pamadegan atawa naséhat batur nu leuwih bener, ngéléhan manéh, jeung silih hampura. Lalampahan anu dilakonan sabisana henteu matak nganyerikeun pihak mana baé tapi hasilna bisa kaarah saperti digambarkeun dina paribasa hérang caina beunang

laukna. Sedengkeun interaksi sosial anu disosiatif ngawengku persaingan, kontravénsi jeung pacogrégan.

5.2 Saran

Babasan jeung paribasa mangrupa kabeungharan basa Sunda anu penting pikeun dipaké dina kahirupan sapopoé sangkan basa Sunda teu tumpur. Babasan jeung paribasa Sunda ogé ngandung loba pisan ajén inajén anu gedé mangpaatna pikeun masarakat Sunda. Aya sababaraha saran anu ditepikeun dina ieu panalungtikan nya éta dijéntrékeun di handap ieu.

a. Aspék sosial mangrupa ambahan anu lega. Dina ieu panalungtikan ngan diulik lima aspék sosial sacara umum. Teu nutup kamungkinan panalungtikan ngeunaan aspék sosial bisa leuwih jembar saupama nalungtik parobahan sosial jeung sajabana.

(26)

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu DAPTAR PUSTAKA

Danadibrata. (2009). Kamus basa Sunda. Bandung: Kiblat.

Danandjaja, J. (2007). Folklor Indonesia: Ilmu gosip, dongeng dan lain-lain. Jakarta: Pustaka Utama Grafiti.

Ekadjati, E. S. (2009). Kebudayaan Sunda: Suatu pendekatan sejarah. Jakarta: Dunia Pustaka Jaya.

Fauziah, A. N. (2014). Gaya basa metafora dina babasan jeung paribasa basa Sunda: Tilikan stilistik jeung semantik. (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Firmansyah, F. (2014). Babasan jeung paribasa sunda nu ngandung ngaran babagian awak (tilikan semantik). (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Hidayat, R. T., Haerudin, D., Muhtadin, T. A. N., Darpan, & Sastramidjaja, A. (2010). Peperenian urang Sunda. Bandung: Kiblat Buku Utama.

Koentjaraningrat. (2002). Pengantar ilmu antropologi. Jakarta: Rineka Cipta.

_______. (1993). Manusia dan kebudayaan di Indonesia. Jakarta: Djambatan.

Nazsir, N. (2008). Sosiologi: Kajian lengkap konsep dan teori sosiologi sebagai ilmu sosial. Bandung: Widya Padjadjaran.

Novianti, N. (2012). Babasan jeung paribasa (Tilikan linguistik antropologis). (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Patilima, H. (2011). Metode penelitian kualitatif. Bandung: Alfabeta.

Pertiwi, S. (2013). Aspek psikolinguistik sosial dina babasan jeung paribasa Sunda (Ulikan gambaran watek urang Sunda). (Skripsi). Fakultas Pendidikan Bahasa dan Sastra, Universitas Pendidikan Indonesia, Bandung.

Setiadi, E. M., Hakam, K. A., & Ridwan E. (2012). Ilmu sosial dan budaya dasar edisi kedua. Jakarta: Kencana Prenada Media Group.

(27)

Didah F. Muslimah, 2014

Aspék Sosial dina Babasan jeung Paribasa Sunda

Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu

Soemardjan, S. & Soemardi, S. (1964). Setangkai bunga sosiologi. Jakarta: Lembaga Penerbit Fakultas Ekonomi Universitas Indonesia.

Soyomukti, N. (2010). Pengantar sosiologi: Dasar analisis, teori dan pendekatan menuju analisis masalah-masalah sosial, perubahan sosial dan kajian-kajian strategis. Jogjakarta: Ar-Ruzz Media

Sudaryat, Y. (2010). Ulikan semantik Sunda (Pangdeudeul pangajaran basa Sunda). Bandung: Geger Sunten.

________. (2012). Cerminan sistem dan struktur sosial dalam ungkapan tradisional Sunda. Jurnal Dinamika, (7).

Sugiyono. (2012). Metode penelitian kuantitatif, kualitatif, dan R&D.Bandung: Alfabeta.

Sunatra & Budimansyah, D. (1989). Paket program ilmu sosial dan budaya: Sosiologi dan antropologi. Bandung: Epsilon Grup

Suryani, E. (2011). Ragam pesona budaya Sunda. Bogor: Ghalia Indonesia.

Syam, N. W. (2012). Sosiologi sebagai akar ilmu komunikasi. Bandung: Simbiosa Rekatama Media.

Tamsyah, B. R. (2011). Kamus undak usuk basa Sunda. Bandung: Geger Sunten.

________, Purmasih, & Purmawati, T. (1998). Kamus idiom bahasa Sunda. Bandung: Pustaka Setia.

Usman, S. (2012). Sosiologi: Sejarah, teori dan metodologi. Yogyakarta: Pustaka Pelajar.

Gambar

Gambar 3.1. Runtuyan Léngkah-léngkah Panalungtikan

Referensi

Dokumen terkait

iber ka jalma réa ngeunaan barang atawa jasa nu dijual dina média massa (saperti surat kabar jeung majalah) atawa di tempat umum. Iklan mangrupa salasahiji alat

Dina sastra Sunda modéren, aya dua kumpulan carpon anu ditulis ku para wanoja pangarang Sastrawati Sunda Patrem, nya éta Guriang Tujuh jeung Surat keur ka Sawarga. Ieu dua

Sabada ngayakeun panalungtikan ngeunaan babasan jeung paribasa Sunda nu aya patalina jeung ngaran babagian awak, dumasar ulikan semantik, anu nganalisis tina jihat

Bab IV ngawengku hasil panalungtikan ngeunaan kecap pagawéan dina fiksimini basa Sunda tina sumber data fiksimini nu aya dina fikminsunda.com, jeung dina bab

Sawangan anu dipedar ngawengku tiori ngeunaan interférénsi, unsur léksikal nu patali jeung rélasi semantis (homonimi, sinonimi, jeung antonimi), unsur morfologis

semantis antarklausa kalimah ngantét dina rumpaka kawih Sunda. Didadarkeun ogé pedaran hasil panalungtikan.. 5) Bab V KACINDEKAN JEUNG SARAN. Eusina mangrupa kacindekan tina

Ieu panalungtikan anu dijejeran “ Kalimah Basa Sunda dina Téks Prosa Sunda Buhun Abad ka-16 (Ulikan Struktur jeung Semantis) ” téh disusun minangka tarékah

KALIMAH BASA SUNDA DINA TÉKS PROSA SUNDA BUHUN ABAD KA-16: (Ulikan Struktur jeung Semantis) Universitas Pendidikan Indonesia | repository.upi.edu | perpustakaan.upi.edu..